Nini-nini leungiteun kored
Pasosore aya nini-nini keur ceurik ngahik-hik…Amir anu kabeneran ningali, ngarasa karunyaeun hayang nulungan, pok.. nanya.
Amir : ‘Nini, meni jiga nu sedih kitu…, kunaon?’
Nini : ‘Enya Ujang…, Nini teh kacida sedihna ieu teh..hik..hik..hik..’
Amir : ‘Na kunaon…?’
Nini : ‘Puguh… kored*) Nini leungit…hik hik hik..’
Amir : ’Euleuh…, sok ku kuring dibantuan pangneangankeun…, iraha leungitna?’
Nini : ’Vageto…’ **)
Amir : ’?!’ (ngahuleng..)
Mangga urang lenyepan hikmah dilebetna…
*) kored (sejenis cangkul kecil, untuk menyiangi rumput – meureun, mun teu salah)
**) vageto (maksudnya ’pageto’, dua hari yang akan datang)
18 Maret, 2008 at 3:19 pm
lumayan menghibur….
tapi, dina adat Sunda, langkung pantes kang Amir ngucapkeun kieu: “Euleuh…, wios ku abdi dibantos dipangmilariankeun Ni. Iraha ical na Ni?
Mudah-mudahan henteu lepat …
18 Maret, 2008 at 3:44 pm
Sae pisan Pak Arry, urang sunda pan kakoncara ku undak usuk basana sareng unggah ungguhna, piraku ka sepuh nganggo basa nu kirang sae
18 Maret, 2008 at 6:15 pm
Salam,
leres pisan anu diserat ku pa Arry, kedahna Amir*) teh pami nyarios kanu langkung sepuh mah ngangge basa teh nu pantes. Komo ka jalmi nu kumargi yuswana tos disebat nini mah.
Mung, dasar Amir tea lah pa… kasebat sae tos kersaeun naros sareng bade nulungan ka eta nini-nini teh.
*) supados teu salah paham, nu dicarioskeun teh sanes Kang Amir Hermawan nu kasep sareng kayungyun tea …, ieu mah Amir anu bedegong sareng rajin bolos sakola.
20 Maret, 2008 at 9:39 am
Tangtos, percanten pisan sanes Amir Hermawan, tapi Amir Hermawan anu bedegong tea nya? Aehhh, lepat nya? Hapunten ah! Urang sunda mah memang tukang heureuy kan?
20 Maret, 2008 at 12:09 pm
leres…leres…hade…hade…
wios …sawios…. abdi teu ngertos
22 Maret, 2008 at 11:25 am
he he he…hebat eta Nini tiasa nganjang ka pageto
Pageto kang Amir sanes Vegetoz kaseneng salira.
@Pa Bambang meni seueur kamonesan
27 Maret, 2008 at 1:12 pm
wah, eta nini-nini hebat,
tiasa ngaramal sagala rupa
alatan dugi ka ical kored ge tiasa karamal
28 Maret, 2008 at 9:29 am
Nini, abdi ngiring…