Herang caina beunang laukna
Paribasa sunda anu ngagambarkeun naon anu kuduna jadi tujuan urang lamun ngalaman hiji masalah. Ulah mung saukur benang laukna wungkul tapi caina jadi kiruh, komo.. ulah pisan-pisan nepi ka laukna teu beunang, kalahkah weh caina jadi kiruh.
Tah kumaha lamun aya LD ’problem solving’ ti pa Angger, ujian praktekna urang ;
1. neangan balong anu herang caina jeung loba laukan, (balong nu di tukangen kantor mah caina kiruh-teu bisa dipake, alusna nu di lembur pa Braja di Ciamis).
2. sok dipikirkeun ku urang, kumaha carana ngala lauk sangkan herang caina beunang laukna, rek make kecrik, jeujeur, bubung, sair, leungeun wungkul … naon wae bebas! [lumayan ...]
3. nu paling loba meunang laukna jeung caina teu kiruh eta nu meunang peunteun A+ tur serifikat.
Kumaha tah dulur?
Nuhun.
*) punten ngangge bahasa gaul, supados akrab.
1 Mei, 2008 at 8:08 am
pak hayang beunang laukna nu lobakjeung caina teu kiruh …..
ta nyandak di aquarium nu karek menaung ngisian he…he…
1 Mei, 2008 at 3:49 pm
Punten ngiring ngawaler
1. Kumaha ukuran balongna, balong leutik (tanegan), balong sedeng, atanapi balong gede (situ).
2. Cara melak laukna; langsung dibalong atawa di na karamba (jaring apung)
Jelasna kieu:
▪ Balong leutik saperti tanegan jaba deet, komo bari laukna loba, eta mah resiko memeh diala ge pasti balongna kiruh da kaubek ku lauk, ngala laukna mah pasti gampang, ku sair atawa “dikodok” ge teu masalah.
▪ Balong sedeng, loba laukna, mun ngalana diuseup sanes “diusep” (dipancing) pasti caina mah herang, mung beubeunanganna saeutik jaba lila. Mun ngala laukna dikecrik, disair, atawa dirungkup bisa jadi eta balong bakal kiruh. Melak laukna ge teu mungkin mun make karamba
▪ Balong gede (situ) komo bari jeung jero pasti caina herang teu masalah laukna loba ge. Mung bedana mun melak lauk di na situ henteu langsung di na balongna, biasana di na karamba (jaring apung). Ngala laukna gampang pisan atuh, kantun diangkat karambana. Lauk nu aya di na karamba kabeh bakal beunang.
Tah jigana nu cocok sareng pari basa “herang caina beunang laukna” nya eta melak lauk di situ make karamba atawa jaring apung. Jadi ngala laukna ge gampang, beubeunanganna loba, caina mah tetep herang.
Tingkesna sarupaning pagawean mun dilakukeun ati-ati, direncanakeun kalawan asak, Insya Allah bakal meunang hasil nu mucekil. Mun ceuk basa urang kota maha „menyelesaikan masalah tanpa masalah“.
Mung tiasa sakitu, hatur nuhun. Punten nganggo basa sedeng, kan supados gaul hehehe.